zenpuw's Blog

Just another WordPress.com weblog

Kabaya Sunda

1

AYEUNA téh loba jelema nu méngparkeun kasundaan kana polah basa jeung budaya ”karuhun”.

Naha enya kudu kitu? Enya wé mun ditingali tina niat miara tikukur manggung mah. Diparaban, sina moyan, disarungan, tur ditémbongkeun ka balaréa. Tapi bisa jadi kudu dinaha-naha mun ditingali tina galuring hirup nu ngaranna kultur.

Dijaman kiwari masih aya teu nya mojang anu sok nganggo kabaya, nganggo sinjang? Kayungyun pisan panginten saupami ningal jalmi nganggo éta raksukan.Geura wé, piraku kudu digelung jeung dikabaya awéwé Sunda nu digawé di bang, nu gadag-gidig ka ditu ka dieu néangan konsumén. Karunya, bisi kabérok ku kabaya.

Hartina, kultur kabaya hirupna téh luyu jeung konteks kaayaanana. Moal leungit. Da geuning ari dina sawatara upacara mah angger sok diparaké kénéh.
Can tangtu kultur nu dianggap buhun luyu jeung kaayaan jaman ayeuna. Hawu jeung suluh, taneuh beureum, jeung saterusna téh teu pamohalan merenahna téh di pakumbuhan nu masarakatna masih kénéh resep ngurek, ngecrik, ngarabut sampeu, tur resep ngawangkong dina galeng atawa di buruan.

Kahayang hirup deui jeung alam lembur kasundaan téh kuduna mah éstu nguniang tina ati balaréa. Hirup nyunda kuduna teu dipapaksa ku aparat atawa juru titén budaya.

Nyundakeun manéh bari teu hayang kapuji. Nyundakeun manéh bari teu kudu ngalawan budaya pop, mohokeun budaya kamajuan pangwangunan. Cindekna, nyundakeun manéh kuduna henteu ngandung harti maéhan manéh.

Urang kudu bangga kana kabaya mojang pakaian adat sunda téh, bari jeung  kedah dilestarikeun. Kukituna, urang salaku urang sunda téh teu kedah isin ari di paparin pancén ngabudayakeun adat Sunda.

Sok geura, ari mojang priangan nganggo kabaya téh mani katingali anggun mapah ngagandeuang wah pokona mah matak resep anu ningali, kabaya ogé tiasa kanggo upacara adat perkawinan ala Sunda.

Tapi, atuh naon béntenna kabaya Sunda asli jeung kabaya modérn téh? Saleresna, boh kabaya Sunda asli boh kabaya modern téh sami waé. Mung dina anggoanna panginten kabaya modern mah leuwih praktis ari dianggo téh. Tapi, sakumaha praktis – praktis na ogé, tangtuna urang téh tong mopohokeun ka adat jeung budaya Sunda asli urang saréréa.

October 28, 2009 - Posted by | Uncategorized

No comments yet.

Leave a comment